SPONSOR RESMI


GUDANG AROWANA Adsense Indonesia

Change Language

EnglishFrenchGermanSpain
ItalianDutchRussianBrazil
JapaneseKoreanArabicChinese Simplified

Cari Blog Ini

Monday, October 19, 2009

BOBODORAN SUNDA

ANGKOT BANDUNG, TASIK, GARUT

Angkot Teu di Bandung teu diTasik, teu di Garut boa ketang di Batam mah beda…. eta kalakuan kenek angkot dimana wae lamun jojorowokan nawarkeun jurusan angkotna atawa nanyakeun nu erek turun atawa eureun ka panumpang sakapeungmah matak piambeukeun, pikabingungeun anu kakara tapi lamun geus apal mah sok hayang seuri, geura reungeukeun :di Bandung : “Gede….. Panjang……Gede…..Panjang……!!”

Kade…lain keur promosi obat taeun nu ayeuna keur meuweuh atawa promosi sabangsa ma erot, tapi nawarkeun rute angkot jurusan Gedebage Leuwi panjang….!

“Aceh……Merdeka……Aceh…….Merdeka……!!” jojorowokan sataker kebek najan hareupeun tangtara atawa pulisi oge moal nepi ka di tewek da di Bandung mah geus arapaleun lamun kenek eta nawarkeun angkot jurusan Cicaheum Kebon kalapa ngan rutena ngaliwatan jalan merdeka jeung jalan aceh

“Binatang…..ada turun…..? ibu……bapa…..binatang……!” tong waka ambek disebut kitu teh, si kenek nanyakeun bisi aya nu turun di kebon binatang di jalan taman sari anu kaliwatan ku angkot

Eta di Tasik mah kieu jorowok na teh “sila…….sila…..hiji deui…!!” lamun seug ninggang ka jalma nu anyar ulin ka Tasik mah bakal ho’okeun ngadeng jorowok kenek anu ngagantung na lawang panto, rek teu kitu kumaha atuh….sakitu katingali metetna bet anu dijero oge diaradu tu’ur ari jojorowokan sila……sila…hiji deui…….?

padahal manehna teh nawarkeun jurusan ka pancasila

Ari di Garut mah karunya ka anu ngarana DANA, kade nya bisi aya baraya anu ngarana dana tong waka ambek jeung kasigeung lamun ngadenge jorowok kenek angkot “DANA EGANG….DANA EGANG……….” eta teh lain moyokan dana pedah leumpangna egang tapi nawarkeun angkot jurusan Sukadana-Sukaregang.

Naek angkot di Bandung deui: Jorowok kenek ngajorowok…..Supratman… jrut turun panumpang lalaki tengah tuwuh.

Jorowok deui…. Raja mantri….jrut Mang Jamal turun. Rengganis… jrut Neng Nia turun, Teuku Umar… jrut lalaki turun… Na ari celengkeung teh urang Batak ngajorowok… “aku Rajagukguk tak dipanggil-panggil jadi bila awak turun bah!”



BOBODORAN ANU SANES
- aki vs viagra
- Gempa / lini
- Angkot Bandung, Tasik, Garut
- PT.cileupeung
- Cerita Suing...
- Copeeettt...
- Maung jeung Uncal
- Pilem Holiwud

No comments:

Followers

WEB TEMAN

rumahblogger.com, rumahnya blogger indonesia!





 

Copyright jokoradityo 2006-2009, template by One 4 All